Ahli Sunnah
Kangjeung nabi tos nerangkeun*
Dina Hadits dijelaskan
Umat Islam akhir zaman*
Janteun tujuh tilu golongan
Ari anu diakuna*
Ku Alloh jeung ku rosulna
Hiji golongan nu mulya*
Sunah Waljama'ah namina
Ari anu tujuh puluh dua
Ku Alloh jeung rosulna
Teu di aku teu ditarima
Da bongan salah tekadna
Ari Sunah Waljama'ah
Cicingna teu sagawayah
Najan Islam teu ngaku kabeh
Islam jama'ah teu kapisah
Ari Islam Waljama'ah
Aqidahna heunteu goyah
Najan godaan manglimpah
Batan nurut kajen payah
0 Komentar