Pupujian Sunda: Niat Ngaos
Sok jadi kabiasaan di sababaraha tempat pangaosan di tataran Sunda, memeh ngaos, santri sok sasarengan heula macakeun pupujian, diantara pupujian eta, nu kaetang populer nyaeta pupujian: "Niat Ngaos" dimana eta pupujian ngabogaan sababaraha maksud; diantarana, dibaca kalawan sora anu tarik, supaya nandakeun yen pangaosan bade enggal di mimitian, kitu oge eta pupujian teh ngagaduhan maksud pikeun ngagero ka babaturan na nu masih di luareun tempat pangaosan, kitu oge di baca kalawan sora tarik teh, supaya santri nalika maca Al-Quran sareng materi nu di aoskeun, supaya ngaluarkeun nada sora anu tarik, tujuan na ambih gampang di bandungan nana nalika aya kasalahan, salianti eta makna tina eta pupujian, nyaeta pikeun ngaluruskeun niat santri nu bade ngaos supaya lempeng ngan karana Allah SWT. Dihandap iyeu bait Pupujian Niat Ngaos:
Dupi nganiatan ngaos seueurna opat perkawis *
Hiji niat karna Alloh ngalakonan parentah-Na
Kaduana niat miceun kabodoan awak abdi *
Supaya jadi salamet salamet dunya akherat
Katiluna mun tos timu niat bade dilakonan *
Dilakonan ku sorangan sareng sadaya rerencangan
Kaopatna niat ngaos ngahirup-hirup agami *
Agamina kangjeng Nabi nabi utusan Illahi Robbi
Robisysyroh lii shodrii, Wayassir lii amrii,*
Wahlul ‘uqdatan millìsaani, YafqoHu qoulii
Mugi Gusti ngajembarkeun, Ngalegakeun hatè abdi *
Sing tiasa abdi nampi, Kana elmu anu suci
Sareng dipaparin cèkas, Émrès,ècés lisan abdi *
Kana sadaya pituduh, Kanggo sadaya makhluk-NA.

0 Komentar