Sholat Lima Waktu
Lamun datang Subuh alesana tunduh
Gawena sibuk pakewuh eujeung ripuh
Hirup loba ngeluh henteu Sholat Subuh
Di akherat jadi tambah leuwih ripuh
Datang waktu Dzuhur kesang masih ngucur
Digawe ngagedur meumpeung heunteu nganggur
Henteu Sholat Dzuhur kana ni'mat kufur
Akherat mah lapur bari henteu syukur
Lamun datang Ashar lain tambah sadar
Kana ibadah parentahan di langgar
Poho sholat Ashar cape tos ti pasar
Akibatna di akheratna kasasar
Datang waktu magrib kagok aya persib
Kasenggolan galib sugan alus nasib
Ngobrol gosip aib syetan jadi karib
Akhirna jadi tinggaleun sholat Magrib
Datang waktu isya dangdan jeung ngagaya
Anteung calik Nonton TV geus biasa
Nu tunduh ge aya sare teu karasa
Ngimpi nage kalah jadi ka naraka
Sholat lima waktu ulah sampai buntu
Ninggalkn sawaktu adab pasti nunggu
Ulah nurut nafsu ibadah sing khusyu
Dzikir lila amal hade kudu ulah ragu
0 Komentar